[email protected] 0251-8240773
Berita

Kapal Gede

Tulisan dina raraga Milangkala Universitas Djuanda ka-36

(21 Maret 2023)

Oleh: Sudrajat, S.I.Kom
(Kepala Bagian Keuangan Riset Biro Riset Universitas Djuanda)

 

Bismillah, bral kapal miang mapag tekad, ngalayar ngudag tujuan

Taya kasieun taya karingrang teu hariwang

Moal ngahindar tina ombak, badai jeung cobaan sarta rintangan

Hirup sauyunan silih asah silih asih silih asuh

Silih pikanyaah silih bela silih raksa silih jaga

 

Kapal ieu ngabogaan bendera KAMPUS BERTAUHID

Mesinna merek 21NKT

Lumrahna kapal anu meuntas sagara, sakapeung dioyagkeun ku ombak

Tapi sakabeh teu bisa ngadorong kapal jadi mundur

 

Kuatna tekad dibarengan ku doa

Numbuhkeun kasadaran diri ngeunaan hakekat hirup

Yen hirup muru ridhona Allah SWT

Sakumaha dawuhNa : “Wa ma khalaqtul-jinna wal-insa illā liya budụn”

(Teu samata-mata ALLAH nyiptakeun jin jeung manusa kajaba pikeun nyembah ka Anjeuna)

 

Hiji mangsa nu sampurna bakal dicaritakeun ka balarea

Ngeunaan pangalaman salila milu ngalayar meuntas samudera

Yen naon anu ayeuna dipiboga jeung dipake ku maranehna

Kaasup kadaharan anu geus jadi getih jeung daging

Eta karunia rejeki anu geus dipaparinkeun ku Gusti Allah

Salila jadi penumpang KAPAL GEDE UNIVERSITAS DJUANDA

 

Pikeun Kapal Gede Universitas Djuanda :

Tujuh laut dalapan samudera

Rek disorang sakabehna

Bertauhid salawasna

Geus kapatri dina dadana

 

MABRUK ALFA MABRUK YAUMILADIK MABRUK

WILUJENG MILAD Ke-36 UNIVERSITAS DJUANDA

-leuwih maju, makmur, bagja jeung barokah-

dunia kacekel akherat kahontal

 

 

17 Maret 2023

_SDJ_