Lebaran di Lembur Kuring
Oleh: Sudrajat, S.I.Kom
(Kepala Bagian Keuangan Riset Biro Riset Universitas Djuanda)
Mapag
lebaran di lembur kuring, di hiji wewengkon anu endah
Endah
kukahirupan anu silih jaga silih raksa. Yeuh baraya…..di wewengkon ieumah batur geus jadi dulur, dulur jadi makin akur
Teu bisa
kacatur ku basa, tapi bisa karasa sagalarupana
Yeuh
dulur……nalika romadhon di dieumah tara kenat ku sagala rupa jeung reka cara ngagungkeun ajaran agama
Tadarusna tarawehna jeung sajabana ti eta
Teu kacatur
ari perkara babagi ka sasama, remen aya tara subaha
Mageuhkeun
ibadah sawatara sawelas bulan katukang
Boga
patekadan yen dunyana kudu kacekel akheratna oge kahontal
ngudag pahala sampeureun jaga, SURGA ngaranna.
"Allohu
Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar - Laa Ilaha Illallohu Allohu Akbar - Allohu
Akbar Walillahhilhamd..."
Aweuhan sora
takbir ti munara Masjid atra minuhan sabudeureun jagat, ngajadikeun kuring sok ngadegdeg
unggal ngadenge sora eta
Hate kuring
ngarumpuyuk dina sagara kanyaah jeung pangampura-Na, keteg jajantung ngarasa kana welas asih-Na, Dzat nu maha
suci Ilahi Robbi
Pamuntangan
hirup anu pamohalan leupas, dina unggal lengkah kuring, dina unggal sumujud
kuring
Duh
Gusti.….Abdi teu weleh neneda ka Gusti, singlarkeun rereged anu moékan jalan
pileumpangan
Kiwari romadhon
geus ninggalkeun urang balarea. Sareupna romadhon miang pamitan, teu karasa aya
cimata anu ngeclak Ngalembereh mapay pipi, nganteur katineung jeung rasa kasedih
Gusti,
tepungkeun deui Abdi sareng sasih romadhon
Kanggo ngabersihkeun
rereged dosa sareng kokotor nu masih keneh aya
Yeuh dulur…….geuning
di urangmah ari lebaran teh ilaharna sok aya KUPAT
Sihoreng aya
siloka tina ngaranna, nyaeta ngarasa diri “ngaKU lePAT”
Teu ieuh
arek jumawa, rumasa diri pinuh lamokot ku dosa
Pineda
hampura kasadayana
Niti wanci
nu mustari ninggang mangsa nu sampurna
Nyucikeun
panyakit ati, balik mawa diri kanu suci, balik ka fitrah Azalli
Hapunten
samudaya kalepatan lahir sinareng batin
Wilujeng
boboran Shiam 1444H/2023M
"Allohu
Akbar, Allohu Akbar, Allohu akbar
Laa Illaha
Illallohuwallohhu Akbar
Allohu
Akbar Walillahhilhamd..."
Taqobbalallahu
minna waminkum
Taqobbal
yaa kariim
_sdj_
Ied
mubarok-April 2023