[email protected] 0251-8240773
Berita

Ngukur Kaimanan

Oleh:

Sudrajat, S.I.Kom
(
Kepala Bagian Keuangan Riset Biro Riset Universitas Djuanda


Sajak  dina raraga IEDUL ADHA (IEDUL QURBAN)

10 Zulhijjah 1444 H

 

Bismillah

Geus nepi ka bulan haji

Hiji ciri mangsa nu sajati

Ngukur diri payuneun Gusti nu Maha Suci

Sateuncanna mulang ka asal mulih kajati

 

Iedul Adha disebut oge Iedul Qurban

Hiji waktu nusampurna pikeun nyinglar kasombongan

Ngadeukeutkeun diri ka PANGERAN

Kapapada manusia nyebarkeun kamanfaatan

 

    Estu sato hewan nu dipeuncitan

Siloka pikeun urang ngukur kaimanan

Harta banda ngan ukur titipan

Pikeun ngaluyuhan parentah Allah Nu Maha Rahman

 

Cageur bageur bener pinter jeung singer

Eta mangrupa nilai-nilai karakter

               Ngajaga diri tina kalakuan tur lengkah anu salah

Supaya bener panceg dina lengkah paripolah

 

Pasifatan sato hewan hayu urang piceunan

Sarakah sombong adigung jeung kadengkian

Peuncitan ku papada urang sorangan

Sajatina eta ngajauhan tina panalikungna syetan

 

Iedul Adhamah ilaharna meuncit embe atawa sapi

Ngagambarkeun ngeunaan sifat-sifat kaikhlasan

Qurban teh waktuna urang babagi

Ngaraketkeun duduluran nyebarkeun kahadean

 

 

Bogor, 16 Juni 2023

SDJ_LPPM UNIVERSITAS DJUANDA