“Teu Salah Anjeun Ka Dieu”
-dina raraga ngarojong PMB tur mapag Mahasiswa anyar Program
Sarjana-
Oleh: Sudrajat (staf LPPM)
Universitas Djuanda, 3 Juli
2023
Panonpoe moncorong nyebarkeun cahayana, nyaangan sabudeureun alam dunya. Langit kabawa caang mawa rasa bungah amarwatasuta, bungah anu henteu aya papadana. Sadaya mahluk ngucapkeun salam tina sagala kanikmatan ti ANJEUNNA. Bral geura miang mapag cahaya keur bekel kahirupan.
Anaking…anjeun kudu nyaah ka indung bapa anu teu weleh munajat jeung ngado’a. Kudu ngabagjakeun lahir batinna ku sifat rajin tur sumanget pikeun diajar, parigel nyiar elmu nyiar pangabisa. Indung bapa anjeun nu miang unggal poe soson-soson nyiar bati tina hasil dagang, tina hasil tani, hasil tina kuli jeung hasil tina rupa-rupa pacabakan halal tur berkah. Saestuna eta keur kabagjaan hirup anjeun anu jadi kabanggaannana.
Anaking…teu salah anjeun datang ka tempat ieu. Tempat diajar ngasah pangabisa, ngudag cita-cita, keur kamaslahatan hirup ayeuna tur sampeureun jaga, kasebutna Universitas Djuanda. Ngaran Pahlawan Nasional ti wewengkon tanah Sunda, kalahiran Tasikmalaya, wastana Ir. H. Djuanda Kartawidjaja.
Cing urang titenan naon wae anu aya, ambeh teu sulaya jeung cita-cita.
Fakultas Pertanian
(FAPERTA)
Nagri urang nagri bahari, Caina herang hirup jadi senang, lautna beunghar ku lauk ting kolembar teu hese nyiuk. Di darat taneuhna gembur rahayatna makmur, tur silih pikanyaah, gemah ripah repeh rapih, akur jeung dulur oge jeung papada batur. Geuning aya kawih nu nyebut nagri urangmah tanahna tanah surga, nancebkeun iteuk kayu jeung batu oge bakal jadi pepelakan. Sok
Fakultas Ilmu Pangan Halal
(FIPHAL)
Sawatara eta mun hayang masyarakat urang jagjag lahir jeung bathin, jauhan paripolah salah kaasup kadaharan haram, boh asalna, bahanna, sifatna atawa tempat ngolahna. Diajar di Fakultas ieu supaya anjeun faham tur barokah.
Fakultas Ekonomi (FE)
Hirupteh boga kawajiban kudu ikhtiar jeung usaha bari ngado’a. Hasil akhirna keun Allah nu nangtukeunana. Diajar di Fakultas ieu supaya dina nyumponan kawajiban hirup boga elmu nu merenah.
Fakultas Ilmu Sosial, Ilmu
Politik jeung Ilmu Komputer (FISIPKOM)
Nagri baldatun toyyibatun warobbun ghofur moal kacumponan saupamana teu bener dina ngurusna. Ka Cai Jadi Saleuwi, ka Darat Jadi Salogak. Geura diajar di Fakultas ieu sangkan bisa ngayoman masyarakat, repeh rapih sauyunan.
Fakultas Hukum (FH)
Ari adil teh dasarna bener (saimbang, sarua, oge dinisbatkeun ka Allah SWT. (aya dina ayat Al-Qur’an). Kudu Nyanghulu ka Hukum, Nunjang ka Nagara, Mupakat ka Balaréa. Kudu adil ka diri sorangan, adil ka batur oge adil ka mahluk sejenna. Geura cumponan kahirupan ku maslahat kaadilan. Heug diajar di Fakultas ieu, anjeun bakal berekah hirup kalayan meunang ridho tinu Kawasa.
Fakultas Agama Islam jeung
Pendidikan Guru (FAI-PG)
Dadasar hirup urang teh agama, ulah leupas tur ninggalkeun dadasar eta. Nyebarkeun elmumah bakal manfaat oge berkah dunyana, atuh pikeun kahirupan jaga aya balasan surga. Ngawariskeun, ngajar jeung nyebarkeun elmu teh komo bari turun temurun, bakal meunang kabagjaan lahir batin sarta ngalirna pahala nu moal aya eureunna.
ANAKING…teu salah
anjeun datang ka tempat ieu, ka Universitas Djuanda. Tempat pikeun ngudag
cita-cita hirup, supaya “kecekel dunyana, kahontal akheratna”.